Rabu, 15 Oktober 2014

AKSARA SUNDA

Aksara Sunda kiwari sok disebut kaganga, nyaéta aksara tradisional
hasil modifikasi tina tata-tulis karuhun Sunda baheula sakumaha
anu kapanggih dina naskah kuno atawa prasasti. Ieu aksara téh
sok dianggap ceré Sunda. Saméméhna urang Sunda téh biasa ngagunakeun
aksara cacarakan atawa populer disebut hanacaraka. Ngan éta téh dicokot tina
aksara Jawa, jadi dianggap lain asli Sunda sanajan cacarakan ogé saenyana
geus dimodifikasi diluyukeun jeung fungtuasi urang Sunda.

Taun 1990-an, para ahli filologi mimiti ngoréksi cacarakan nu
dianggap henteu asli téa. Para ahli sapuk mun aksara kaganga leuwih
nyunda tur mimiti diwanohkeun ka balaréa. Kungsi ogé diayakeun
seminar keur nyusun standarisasi tata-tulis éta aksara, bari diwewegan
ku rupa-rupa aturan hukumna.
Dina ieu pangajaran urang bakal diajar maca jeung nulis aksara
Sunda, mikawanoh sajarahna, jeung ngagunakeun aksara Sunda Kaganga
keur rupa-rupa kaperluan.

Maca Téks Aksara Sunda
Keur latihan jeung nyegerkeun deui pangaweruh urang kana tatatulis
aksara Sunda, pék baca ieu téks di handap tuluy pigawé pancénna!





Pék alihaksarakeun éta dua téks aksara Sunda di luhur téh kana
hurup Latén. Tuluy terangkeun, saenyana éta téks téh masing-masingna
jenis wacana naon sarta eusina nyaritakeun naon? Terangkeun masing
tétéla!
Aksara Sunda digunakeun keur desain kaos (T-shirt), dipaké keur
label ngaran jalan, dipaké keur mapaésan beus Persib Bandung,
jeung diaplikasikeun kana program komputer. Sumber: pinterest.
com, www.peperonity.com, www.gantibaju.com, antaranews.com
Di SD jeung di SMP urang kungsi diajar aksara
Sunda apan? Urang geus diajar kumaha aksara dasarna,
rarangkénna, jeung cara nuliskeunana. Kiwari urang
nyobaan maca téks nu ditulis ku aksara Sunda, mikapaham
(nyangkem) sajarahna, jeung nyieun kréasi ngagunakeun
aksara Sunda.

Paham Sajarah Aksara Sunda
Anu dimaksud aksara Sunda kaganga téh nyaéta
aksara Sunda hasil “standarisasi” anu geus ditetepkeun
ku SK Gubernur Jawa Barat No. 434/Sk. 614-Dis.Pk/1999.
Éta aksara téh dirarancang jeung disusun tina hasil
ngabanding-banding akasara-aksara kuno nu geus dipaké
ku urang Sunda ti abad ka-15 kénéh. Boh anu digunakeun
keur nuliskeun aksara dina prasasti, boh nu digunakeun
dina naskah-naskah lontar. Tangtu aksara Sunda ayeuna
mah réngkolna teu sarua pisan jeung aksara Sunda kuno
téa, da geus diropéa.
Sajarahna mah kieu. Taun 1996, kaluar Peraturan
Daerah (Perda) Provinsi Jawa Barat No. 6 taun 1996,
ngeunaan Pelestarian dan Pengembangan Bahasa, Sastra,
dan Aksara Sunda. Lebah aksara, urang Sunda harita
bingung, nya aksara mana anu kudu dipaké, lantaran
wanda aksara di lingkungan urang Sunda téh rupa-rupa
pisan. Justru anu loba digunakeun jeung dipikawanoh ku
urang Sunda nepi ka harita téh nyaéta aksara cacarakan
(hanacaraka), anu saenyana aksara ti Jawa. Kréasi urang
Sunda dina aksara cacarakan téh cenah ukur 10%.
Nya diayakeun lokakarya di Universitas Padjadjaran
(Unpad) tanggal 27 Oktober 2007, pikeun muguhkeun nu
kumaha nu disebut aksara Sunda baku téh. Lokakarya lain
baé ngumpukeun bahan, nyarungsum, jeung muguhkeun
wanda aksara Sunda, tapi ogé ngabakukeun (nyieun
standarisasi). Hasilna disosialisasikeun, nepi ka ahirna
dina taun 1999, aksara hasil standarisasi téh ditetepkeun
ku SK Gubernur.
Saterusna, hasil standarisasi téh tuluy diasupkeun
kana révisi Perda No. 6/1996, anu tuluy jadi Perda No. 5
taun 2003. Nya ti harita aksara Sunda mimiti disebarkeun
ka masarakat, sarta leuwih populer disarebut aksara
kaganga. Éta Aksara Kaganga téh lain baé ditabeuh jeung
diwanohkeun dina kongres atawa seminar, tapi ogé
mimiti digunakeun keur rupa-rupa kaperluan. Upamana
keur ngaran jalan, ngaran plang, ditulis dina kaos, dijieun
kaligrafi, jeung sajabana.
Bulan April taun 2008, aksara Sunda baku atawa anu
disebut aksara kaganga téa téh ahirna dipaténkeun jeung
didaftarkeun ka Unicode Internasional pikeun ditetepkeun
jadi font dina komputer. Ku éta tarékah, kiwari urang
bisa ngagunakeun aksara Sunda maké komputer. Tinggal
dipilih font-na dina daftar font nu aya dina komputer urang.
Tangtu baé, sangkan bisa digunakeun dina komputer
font kaganga-na kudu diinstalkeun heula kana komputer
urang.

Ayeuna pék cobaan nyalin téks tina aksara Latén
ieu di handap kana aksara Sunda. Dina nyalin masing
bener nuliskeunana sarta ulah poho cara merenahkeun
rarangkénna.
a. Kacaritakeun éta dua sato geus nepi ka kebon cabé
Pa Tani. Sakadang Monyét ngajlengan pager, ari
Sakadang Kuya moncor ti handap. Sakadang Monyét
gancang mipitan céngék nu bareureum, am didahar.
Pok ngomong bari cowong, “Seuhah lata-lata, maling
cabé lada ngeunah.....” cenah. “Onyét,” Sakadang
Kuya ngagebés, “Nanaonan éta téh? Kumaha lamun
kanyahoan ku Pa Tani?”

b. kulitna héjo carulang
beungeutna ngadaun seureuh
panonna cureuleuk
halisna ngajelér paéh
Pangambung kuwung-kuwungan
tarangna téja mentrangan
Rambutna galing muntang
gadona endog sapotong
pipina kadu sapasi
Lambeyna ngadodol cina
beureum asli bawa ngajadi.

Ngagunakeun Aksara Sunda
Sabada aksara Sunda disosialisasikeun ka masarakat,
tétéla geus jadi inspirasi réa jalma keur nyieun rupa-rupa
karancagéan tina éta aksara. Lain ngan sakadar jadi ték
anu biasa. Aksara Sunda aya nu dijieun kaligrafi dina
lukisan, aya nu dijieun mural (lukisan dina témbok), aya
ogé anu dijieun patung jeung ukiran. Titénan gambarna;


Pék hidep nyiptakeun kréativitas sorangan
ngagunakeun aksara Sunda. Upamana nyieun desain
kaos, desain gelas atawa cangkir, nyieun poster, nyieun
plang jalan atawa gedong, atawa bisa ogé nyieun mérk
hiji produk ngagunakeun aksara Sunda siga conto-conto
di luhur. Pigawé léngkah-léngkah ieu di handap!
a. Pék jieun kelompok anu anggotana tilu atawa opat
urang.
b. Unggal kelompok nyieun produk anu béda-béda.
Upamana:
- Kelompok I : nyieun desain kaos.
- Kelompok II : nyieun desain cangkir, gelas,
atawa piring.
- Kelompok III : nyieun desain poster. Upamana
poster miara lingkungan, poster anti narkoba,
poster pestival budaya Sunda, jsb.
- Kelompok IV : nyieun plang ngaran jalan, ngaran
gedong, atawa ngaran-ngaran tatangkalan.
c. Médiana bisa kaos, piring, gelas, kertas karton,
duplék, triplék, spidol, cat poster, cat air, jeung
sajabana.
d. Sanggeus jadi, pék pamerkeun atawa tapelkeun karya
hasil kelompok téh di tempat-tempat anu merenah.





Tidak ada komentar:

Posting Komentar