Jumat, 22 Mei 2015

GAYA BASA SUNDA

Gaya basa nya éta rakitan basa (kalimah) nu dipaké sangkan nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadangukeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nya éta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana. (Wikipédia)

PURWAKANTI

Purwakanti 
nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan.

Rupa-rupa purwakanti

Jumat, 15 Mei 2015

Pidato-Biantara Paturay Tineung Wawakil Kelas XI

 BISMILLAHIRROHMAANIRROHIIM
Anu dipihormat, Bapa Pupuhu Dinas Pendidikan dan Kebudayaan Kota Sukabumi,
Anu dipihormat, Bapa Pupuhu Komite Sakola SMAN 2 Kota Sukabumi,
Anu dipihormat, Bapa pupuhu Sakola SMAN 2 Kota Suabumi,
Bapa sareng ibu guru SMAN 2 Kota Sukabumi nu kusim kuring dipihormat, 
Bapa sareng ibu para sepuh murid-murid anu kusim kuring dipihormat,
sadaya akang-tétéh kelas XII  anu ku simkuring dipikareureus tur dipiasih.