Minggu, 26 Oktober 2014

Nyangkem Eusi Biantara

Nyangkem Struktur Biantara
Biantara téh umumna mah diomongkeun (dilisankeun).
Tapi aya ogé anu ditulis tuluy dibacakeun. Boh
anu ditulis boh anu dilisankeun, runtuyan babagianana
mah sarua baé, nyaéta aya bubuka, eusi, jeung aya bagian
panutupna.

Dina bagian bubuka, dimimitian ku nepikeun
salam pamuka. Bisa ku assalamu’alaikum atawa ku
salam kawilujengan. Aya ogé anu sok ditambahan ku
sampurasun. Ti dinya ditéma ku mukadimah, kitu gé
mungguh keur muslim, nyaéta bubuka anu dieusi ku
omongan muji ka Pangéran jeung nepikeun solawat ka
Rosululloh (da mun ngabandungan urang Barat biantara
mah geuning sok sarwa singget). Ti dinya ditéma deui ku
nepikeun panghormat ka hadirin anu ngaluuhan acara
sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus méré
kasempetan ka dirina pikeun nepikeun biantara.
Ari dina bagian eusi mah ngadadarkeun saniskara
maksud nu biantara. Contona, lamun biantara anu ditulis
ku urang keur ditepikeun dina acara paturay-tineung kelas
IX, eusina bisa ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun
sakola, ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka
nu leuwih luhur, atawa bisa ogé nembrakkeun rasa sedih
pédah rék papisah.
Biantara dipungkas ku bagian panutup anu biasana
ngawengku sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya
kekecapan anu salah atawa teu merenah. Tuluy ditéma
ku ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu geus saregep
ngabandungan biantara. Ti dinya nepikeun du’a jeung
salam panutup.
Aturan anu didadarkeun di luhur téh runtuyanana
teu salawasna kudu matok siga kitu. Sok aya biantara anu
nyokot singgetna baé. Conto biantara di luhur, kaasup
biantara anu nyokot singgetna baé. Geura urang imeutan
deui conto omonganana:
Assalamu’alaikum wr. wb., Salam pamuka.
Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam.
Solawat sinareng salam mugi dilimpahkeun ka
jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.
Mukadimah.
Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.
Ngahaturkeun
pangwilujeng ka nu
hadir.
Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim
kuring sadaya. Ogé janten dinten anu kalintang
pikasediheunana. Bagja wiréh sim kuring
sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim kuring
sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, ogé
ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru...... jst.
Eusi biantara.
Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun
Bapa.... mung du’a anu ku sim kuring diteda
sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti
nangtayungan.
Sanduk-sanduk
ménta dihampura
jeung nepikeun du’a.
Assalamu’alaikum wr. wb., Salam panutup.

C. Neuleuman Padika Biantara
Biantara téh sok dipatalikeun jeung seni nyarita.
Naon sababna? Sabab, dina biantara téh sakapeung
merlukeun gaya jeung omongan nu matak narik jalma réa
nu ngabandunganana.
Aya sawatara faktor anu ngalantarankeun biantara
hiji jalma dipikaresep ku balaréa. Éta faktor téh urang
sebut baé T-A-M-A-N, singgetan tina:
Tatag nyaritana
Hartina dina nepikeun biantara téh urang kudu
nyarita bari tatag atawa tétéla, henteu kararagok
atawa loba ngarandeg.
Aktual témana
Hartina téma biantara nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain
téma-téma nu geus basi.
Munel eusina
Hartina, biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba
pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.
Alus basana
Biantara téh seni nyarita. Ku sabab kitu, basa nu dipaké ku urang
dina biantara téh alusna mah direumbeuy ku mamanis basa.
Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa bisa ogé ku
sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan ogé ku kalimah-kalimah
pinilih (kata-kata mutiara atawa kuotasi) nu kungsi ditepikeun ku hiji
tokoh.
Ngandung wirahma
Hartina, dina biantara téh omongan urang kudu diatur gancang
kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina
nepikeun biantara téh kudu maké lentong (lagu kalimah) anu hadé.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar