Sabtu, 30 Agustus 2014

Conto Autobiografi

AUTOBIOGRAFI bahasa Sunda

AUTOBIOGRAFI
Wasta Marwah Sofa, tempat pinggumelar Karawang 6 september
1996 , anak ka dua ti dua sadulur, ti kaluarga bapa _____ sareng ibu ____
Pernana di jalan ____ , desa ____ , dusun ___ , RT __/__

Pangalaman nyuprih elmu, di pendidikan formal di mimitian ti tahun 2001 abdi lebeut ka TK AL-BARKAH , terus abdi ngalanjutken ka SDN WARUNG BAMBU I tahun 2002 nepi ka tahun 2008 , abdi lebet ka SMPN 6 KARAWANG BARAT tahun 2008 nepi ka tahun 2011, abdi lebet ka SMA tahun 2011 nepi ka ayeuna abdi masih di ajar di SMAN 2 KARAWANG tepat na di kelas XI IPA 9 

Pangalaman abdi salami di SD pernah ngiring kagiatan organisasi pramuka, di SMP abdi pernah ngiringan exskul KIR (Karya Ilmiah Remaja) , di SMA pernah ngiringan organisasi Pramuka tapi teu terlalu aktif, jeung deui teu di izinan ku kolot , jadi ayeuna mah tos kaluar ti organisasi pramuka teh.




Dina warsih 1998, poésabtu tanggal 09 Mei,  lahir saurang orok awéwé. Nyaeta kuring , Ismi Aulia. Kuring nyaéta putri ka tilu  ti pasangan Jenal Aripin Dwiprana sareng Bu Engkoy.  Bapa kuring turunan Sunda pituin di wewengkon Garut, Jawa Barat. Ibu kuring turunan Sunda pituin Garut. Bapa kuring didambel  janteun guru olahraga di SDN Cikedokan II, Ibu kuring oge sami guru di SDN 1 Bayongbong. Kuring ngagem ageman Islam. Sarta cicing di hiji imah anu basajan di wewengkon Andir, Garut.
Kuring teu ka TK heula, tapi dina taun 2004 kuring asup sakola formal cicing di kelas 1, tempatna nyaeta di SDN Cikedokan III. Ti leutik, kuring resep kanu ngarana olahraga, salahsahijina badminton.Bapa kuring osok ngalatih kuring badminton, nepi ka kuring bisa. Gumbira rasana lamun keur dilatih ku bapa kuring. Walau cape oge. Sawaktu SD, kuring sok ngiluan lomba-lomba nu di ayakeun ku sakola tiap taun, nyaeta SPKS Badminton. Alhamdulilah kuring kenging juara, nyaeta pas kelas 3 juara 2, kelas 4 juara 2, kelas 5 juara 3. Nepi ka lulus SD, kuring masihsok badminton keneh.
Warsih 2010, kuring lulus SD sarta nuluykeun ka SMP 1 Bayongbong. Sawaktu kelas 1 SMP, kuring ngiluan ekstrakulikuler badminton jeung paskibra nu diayakeun ti sakola.Kuring pernah tilu kali ngiluan lomba paskibra. Nu ka hiji di PPI Garut tapi teu meunang juara, nu ka dua lomba di SMAN 19 Garut, ti sakola kuring ngirimkeun dua pasukan, tapi ngan pasukan hiji nu meunangna, tuluy kuring ngiluan deui lomba di PPI Garut, alhamdulilah menang juara ka tilu mah.
Sanggeus éta kuring nuluykeun ka SMAN 19 Garut. Nyaeta sakola kuring ayeuna. Kuring cicing di kelas X-1.Di SMA, kuring nuturkeun kagiatan ekstrakurikuler Paskibra. Kusabab geus ngadarah daging. Kuring sakola didieu loba harapannana, kuring hayang jadi jalma nu bener, pinter tur bisa ngabahagiakeun kolot.

Diposkan  oleh 
OTOBIOGRAFI
SARA MANAR HAQ

Cing aya diantara hidep anu wanoh ka kuring?hehe
          Mun teuteurang tepangkeun nami kuring Sara Manar Haq, hiji nami anu di pasihan ku punbapa, sanes kahoyong kuring eta ge. Hehe
          Kuring ‘cenah’ di babarkeun di kasur kapuk bidan Lena di Klinik Delima, daerah Cicalengka, kabupaten Bandungwelah. Mun teuteurang ti stasion Bandung naek kareta patas atawa mun hoyong murah mah naek KRD ekonomi jurusan Cicalengka, ngan sarebu rupiah. Tong sieun kaliwatan, lantaran Stasion Cicalengka teh Stasion pangnungtungna, pas nepi di Cicalengka kareta di jamin moal maju deui. Tah, ‘cenah’ deui kuring gubrag ka alam dunya teh pas jam 9 peuting, poe rebo, kaping 17, bulan April, taun 1996. Dibabarkeun dina kaayaan sehat, beurat 3, 2 ons, jangkung 50 cm. Alhamdulillah geuning si ibu bidan teh teu lieur nangtungkeun yen kuring teh istri atawa pameget. Buktosna pas ngawitan kuring di ais ku si ibu, si ibu bidan teh langsung nyarios “ anak ibu teh istri…”. Eta teh penting, jadi kuring teh yen bener istri sanes pamegeut komo deui satengah-satengah mah. Hehe…
          Tos uih ti bidan lena kuring langsung uih ka imah kuring di Cikuya, daerah Cicalengka keneh. Pokonamah ti stasion Cicalengka papah sakeudik ka arah majalaya, tos dugi tah di Cikuya. Diditu kulawargi kuring parantos ngantosan budak bungsu di eta kulawargi teh. Kulawargi kuring lengkep. Bapa aya, namina Rukman, watekna galak, jangkung, kumisan deui. Bapa kuring baheulana gaduh hiji usaha, nyaeta usaha kai anu lumayan gede. Teu salah upami ti keur leutik kuring tos seueur nu ngasuh, lantaran indung jeung bapa kuring lumayang sibuk di pagaweanana. Indung kuring aya, Cucu Hatijah namina, geulis, kumaha we anakna (hehe). Kuring gaduh teteh, Rima Maryam namina, jangkung tur panatik kanu agamana. Kuring oge gaduh aa, nu hiji Firas Azhar, nu petet tur jago futsal, nu hiji deui Faisal Dzulfikar, si gedut tur jago ngadamel kueh.
          Kulawargi kuring kaasup kulawargi anu purba (hehe….teu ketang), maksadna nomaden atawa pipindahan. Kuring teu lila di Cikuya, langsung pindah ka Warung lahang, 2 taun di warung lahang kuring langsung pidah ka Nagreg taun (1999). Tah di Nagreg anu resep mah. Alamna anu hejo keneh (ngan hanyakal loba jukut), taneuhna anu bereum (loba cacingan tapina), gunungna anu ngantri ngajajar (jadi mun aya pancen ngaggambar, kuring sok ngagambar gunung.hehe) jeung wargi ditu anu sae keneh budina. Kuring kaasup budak anu cicingeun tapi baong di ditu. Siga missal: Kuring osok ngala hileud ucing nepi sakeresek lobana,Kuring pernah ngompolan tiang bendera kapolsek Cicalengka (da budak keneh atuh..hehe),Kuring pernah masak buyur jeung bangke bangkong,Kuring osok maen tairagaji nepi baju pinuh ledok ku tairagaji (nepi ka jero-jerona malahanmah), jeung,Kuring masih keneh ngendot nepi kelas tilu SD.hehe..
Taun 2000 kuring abus ka TK Bina Muda, di Cicalengka keneh da. Tos kitu kuring ngiluan sempoa didinya. Hasilna kuring jadi resep Matematika. Ti saprak abus TK ogè, kuring tara kaliwat meuli majalah budak lima taun-an anu terbitna teh unggal minggu, kawas majalah Bobo, Bimbi, Barbie jsb. Tah ti dinya wè kuring jadi resep maca..hehe
Mun batur mah TK tèh 2 taun, kuring mah ngan sataun, lantaran ceurik hayang abus SD. Lain kunanaon, kuring teh sirik ka babaturan salembur kuring anu geus abus SD, jadi we kuring hayang abus SD buru-buru. Si mamah teh kapaksa we ngabuskeun kuring sakola pas 5 taun keneh gè. Tapi terang teu? Si mamah tèh bebeja ka guru SD kuring tèh yen kuring tong waka di taekeun, lantaran leutik keneh (untung we kuring rada lumayan otakna, jadi we di taekeun.hehe..). Taun 2001 kuring abus SD di SDN 1 Pamujaan, daerah Nagreg. Kelas hiji kuring rangking dua, kelas dua kuring rangking dua,kelas tilu kuring rangking tilu, kelas opat semester kahiji kuring masih keneh rangking tilu. Tah pas kelas opat semester dua, taun 2005-an kuring pindah sakola sakaligus pindah imah. Lantaran usaha si bapa tos teu tiasa di andelkeun deui tur si bapa gegeringan wae lantaran teu kuat ku lobana masalah dina usahana.
 Kuring pindah ka Cikancung ka imah dulur kuring. Didinya kuring sakola di SDN Cisoga 1. Kuring boga batur didinya. Lantaran bibi kuring diditu tèh boga budak sagede kuring, istri deui, namina Rani Anggi Yani. Jadi rame we mun anyangan the..hehe. Kelas opat semester dua kuring rangking opat (turun wae nya ;p?). Tah pas di kelas lima (jreng-jreng!) sumanget kuring kana di ajar tèh naek. Kelas lima semester hiji, kuring miluan olimpiade IPA di kecamatan, juara dua (lumayan ^^), juara dua lomba bidang Study, juara hiji lomba cerdas cermat, juara hiji lomba cerdas cermat seasson ka dua, kuring oge meunang beasiswa ti kacamatan tur meunang juara hiji di sakola. Di sakola SD teh jaman-jamanna kuring teu akrab ka lalaki, malahmah pernah hiji kajadian pageulut-geulut jeung lalaki tèh. Pangparahna baheula kuring sok ngalelewe ka barudak lalaki “ningan kawin jeung ucing daripada jeung didinya”hehe. Tapi da ngarana gè budak leutik he. Mun baheula kuring tèh cicingeun tur baong, pas SD mah kuring judes tur geulis (haha narsis saeutik bae nya?). Kelas genep kuring rangking hiji nepi ka ahirna lulus taun 2007.
Kuring abus ka SMPN 1 Cicalengka. Lumayan hese abus kadinya, lantaran pas testing abus kadinya kuring karek hudang tina gearing tipes 2 minggu (water tèh), tapi gening kuring bisa lolos tur jadi murid didinya. Hese abus kadinya tèh lantaran emang SMPN 1 Cicalengka tèh katelah sakola pang: di paforitkeun saCicalengka, tempatna anu gede, fasilitasna anu merenah, cabaan pas pisan letakna di jantung Cicalengka.hoho… di pasar maksudna tèh.
Kelas hiji kuring Rangking hiji plus kuring gaduh sohib anu asli kasohibanana nepi keun ayeuna, aya dua ti kelas hiji mah. Kuring ge gaduh guru anu kukuring di pikanyaah siga ka bapa sorangan nyaèta pa Irvan Sugito guru kasenian. Tah tidinya kuring rajin ngiluan ekskul seni rupa. Salain ti ekskul seni rupa, kuring ge kungsi miluan ekskul English club jeung KIR (karya ilmiah remaja). Tapi nu pas kanu hate mah anggeur we ekskul seni rupa, lantaran guruna rame, anggotana akrab jeung kuring tur kuring gè sedep jeung lumayan jago ngagambar (ngagambar balon, parabola, panci komo abstrak mah jago pisan, hehe). Kelas hiji tina acara PORSENI di sakola, kuring miluan lomba lukis, hasilna juara 2, Kelas dua kuring ge miluan deui, juara kahiji.
Kelas dua kuring gaduh sohib anyar, aya 2-an, jadi jumlah sohib kuring aya 4 (babaturan mah loba tapi sohib anu hese di teangan ‘cenah’).. Kelas dua kuring meunangkeun rangking hiji oge di kelas. Pas kelas dua oge kuring pindah imah ka Tanjung laya. Sataun di Tanjung laya kuring pindah ka Cikuya . (pipindahan keneh..hehe)
Kelas tilu kuring abus ka kelas VIP alias kelas favorite di sakola. Anu rangking hiji nepi tilu di kelas duana, abus ka dinya sadaya. Tapi saenyana saingan, tapi nyoohib ka sadaya rerencangan didinya. Aya sakeulaseun mah, iwal ti lalaki tapina. Lantaran ampir 50% murid istri di ditu miluan ekskul seni rupa kawas kuring beuki nyohib we jeung sohib kuring teh. Pas beres ujian nasional, ujian praktek seni budaya nyaeta PENSI di sakola. Lantaran kuring miluan ekskul seni rupa, kuring langsung di tugaskeun jadi panitia pameran lukisan di PENSI eta tèh. kuring jadi pupuhuna. Ti awal semester dua keneh kuring jeung sakabeh anggota seni rupa teh tos nyiapkeun kabeh pasiapan, pikeun pameran lukisan eta teh bisa ngahasilken apresiasi anu maksimal. Mulai tina ngajieun tema, ngajieun kaos, ngajieun denah ruangan, ngempelkeun lukisan-lukisan, nyiapkeun ruangan, nata ruangan, nepi keun nyieun ide-ide kreatif jang eta pameran, siga jualan stiker nu lalucu, ayana juara lukisan anu pang alusna nepi keun ka undian pangunjung anu untung bakal di bere hadiah. Pokona mah rame. Hasilna oge pikabungaheun. Lain di puji ku pangunjung oge tapina nepi ka di puji ku guru, kapala sakola, pa satpam nepi bapa-bapa polisi kapolsek Cicalengka oge turut muji (untungna pa polisi teu inget ka kuring, budak anu ngompolan tiang bendera sababaraha taun kamari.hehe). Kuring jeung rerencangan anu ngalegalkeun nami balsem (baludak seniman) meunangkeun bungah tur peunteun dina ijasah anu lumayan gede. Tah ti dinya sohib kuring nya BALSEM èta. Kuring jeung BALSEM osok naek gunung, jalan-jalan jsb ka serewen atawa ka Bangkonol, hiji tempat di wilayah Cicalengka. Tempatna hejo keneh pokonamah moal eleh endahna tibatan Curug Cinulang mah..hehe…. (tapinya da tempat nu kumaha gorengna ge mun cicingna jeung babaturan mah asa endah-endah wae hehe).   Kuring lulus tahun 2010 ku predikat lulusan ka-tilu pangalusna di sakola.
Kuring abus ka SMKN 13 bandung taun 2010. Hese abusna, beurat palajaranna, tur gede ongkosna( Cicalengka-SMKN 13 = ampir meakeun waktos sajam satengah). Kuring abus kajurusan analisis kimia 4 tahun. Ieu hiji-hijina sakola anu ku kuring ngarasa asa sakolah SMK tapi sistemna kuliahan. Gara-gara jarakna anu lumayan jauh, kuring neangan alternative ongkos, nyaeta naek kareta. Jauh pisan bedana mun kuring naek kotrima atawa angkot. Naek angkot ongkosna ‘hungkul’ PP Rp.12000 (si mamah tekor), naek kotrima PP Rp.7000 (mahal keneh) tah mun naek kareta PP moal leuwih ti Rp.5000. Naha? Lantara loba cara licik ameh teu kudu mayar karcis.hehe
Tah Insya Allah kuring ti taun 2010 nepi 4 taun kahareup (amin) moal kamana-mana. Mun hoyong kenalan ka kuring ka dieu we, ka SMKN 13 Bandung………………hehe1000×.

JB--Tamat--JB

Tidak ada komentar:

Posting Komentar