Minggu, 26 Oktober 2014

Pangajaran Biantara

Dina kahirupan sapopoé, urang mindeng
ngabandungan nu biantara. Dina rupa-rupa
kagiatan éta téh. Aya nu ditepikeun kalawan
resmi, aya ogé anu henteu. Biantara téh lain ngan sakadar
nepikeun omongan hareupeun balaréa. Malah teu sakabéh
jalma bisa biantara kalawan hadé. Éta téh lantaran
biantara mikabutuh kaparigelan.
Cindekna aya senina.
Munasabah mun di batur mah biantara téh sok disebut “art
of speech” atawa seni nyarita. Dina ieu pangajaran hidep
bakal diwanohkeun kana rupa-rupa biantara jeung unakanikna.
Dipiharep hidep wanoh kana struktur biantara,
bisa ngalarapkeun basa Sunda anu merenah dina biantara,
apal téhnik nepikeun biantara, sarta antukna bisa prakték
biantara hareupeun kelas.
A. Maca Téks Biantara
Ieu aya conto téks biantara. Pék baca!
Assalamu’alaikum wr. wb.
Sampurasun!
Puji teu kendat urang sanggakeun
ka Gusti Nu Maha Suci. Puja
salawasna urang sangggakeun ka
Allah Nu Maha Kawasa. Solawat
sinareng salam, mugi langgeng
ngocor ngagolontor ka jungjunan
alam, nabi anu mulya, Muhammad
saw.
Langkung ti payun sim
kuring ngahaturkeun réwu nuhun,
réh tos dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara
di payuneun Bapa miwah Ibu, ogé sadérék sadayana. Dupi
anu badé didugikeun dina biantara sim kuring téh nyaéta
perkara “Pamuda Hébat Anti Narkoba”.
Sumber: dokumen pribadi
3
Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
Hadirin hormateun sim kuring.
Nonoman, atanapi pamuda téh sok disebat generasi
emas. Naon pangna disebat kitu? Margi nya pamuda anu
bakal nuluykeun kahirupan ka payun, ngagentos generasi
sepuh. Mangga émutan, saupama para pamudana ruksak,
bakal kumaha bangsa urang pikahareupeunana?
Namung hanjakalna, kanyataanana seueur nonoman
urang anu geus ruksak méméh anjeunna jadi déwasa. Lir
kembang muguran saméméh mekar. Di antara anu jadi
sababna, aranjeunna kajiret kana narkoba!
Numutkeun hasil survéy Badan Narkotika Nasional
atanapi BNN, kiwari kacatet aya 921.695 urang, atawa 4,7%
jumlah tina total pelajar jeung mahasiswa di Indonésia
ngagunakeun narkoba. Padahal urang terang, sakali
anjeunna kajiret ku narkoba, bakal hésé ngubaranana. Ku
hal éta, taya jalan deui pikeun urang keur leupas tina jiret
narkoba, lian ti ngajauhan nu disebut narkoba.
Nu matak salempang ayana anggapan di lingkungan
nonoman urang yén ngagunakeun narkoba téh bagian
tina gaya hirup. Ngarasa yén ku cara kitu aranjeunna
‘gaol gitcuh lokh’. Padahal nu saéstuna, aranjeunna téh
satemenna keur ngaruksak dirina sorangan.
Badan Pusat Statistik nyebatkeun yén rata-rata umur
urang Indonésia téh 63 taun. Mun dina umur wewelasan
atawa dua puluhan taun urang geus kajiret narkoba,
hartina urang geus ngamubadirkeun hirup. Leuwihna ti
éta, saenyana urang geus ngamubadirkeun kasempetan
pikeun milu ngabagjakeun kulawarga, milu ngamajukeun
bangsa, sarta milu nanjeurkeun agama. Sabalikna, lamun
urang geus kajiret narkoba, teu kurang teu leuwih
saenyana urang geus jadi runtah masarakat.
Ku hal éta, jelas yén pamuda anu hébat téh nyaéta
pamuda anu anti narkoba. Lantaran pamuda anu anti
narkoba, saéstuna pamuda anu sadar yén lalampahan
4
Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
hirupna panjang kénéh. Pamuda anu anti narkoba sadar yén
dirina boga kasempetan pikeun ngamajukeun bangsana,
jeung nanjeurkeun agamana. Pamuda anu anti narkoba,
sadar embung jadi runtah masarakat. Pamuda anti narkoba,
boga visi anu jelas keur pikahareupeun hirupna.
Hadirin hormateun sim kuring.
Di antara masalah nu disanghareupan ku urang téh
nyaéta lobana gogoda ka nonoman nu antukna nonoman
urang tigebrus kana narkoba. Di antarana dicontoan ku
public figure atawa sélébriti nu ngagunakeun narkoba.
Anjeunna siga teu sadar yéh posisi jeung kalakuanana
minangka public figure bisa nimbulkeun balukar nu
awon ka masarakat. Popularitas jeung harta, saolah-olah
nutupan akal séhatna pikeun jauh tina narkoba.
Harepan urang taya lian, saha baé, boh institusi
nagara boh masarakat biasa, kudu ngalawan usaha-usaha
nu bakal ngaruksak nonoman akibat narkoba. Urang kudu
perang! Nonoman kudu jadi garda panghareupna pikeun
ngalawan bandar jeung nyebarna narkoba. Lantaran mun
teu kitu, nonoman anu bakal jadi korban pangheulana!
Tuduhkeun, yén urang lain nonoman anu heureut
pikir. Lain generasi anu teu boga visi, ogé lain generasi anu
prustasi. Urang generasi anu sadar yén hirup kudu dieusi
ku pikiran séhat, hirup kudu dieusi ku gawé rancagé,
hirup kudu dieusi ku amal soléh, saméméh urang cumpon
nyangking pancén jadi manusa di alam dunya minangka
mahluk Alloh Swt.
Hayu! Hayu! Hayu! Perangan narkoba!
Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok
nyogok panjang nyugak, bobo sapanon carang sapakan,
langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar
pangampura anu diteda.
Wassalamu’alaikum wr. wb!


Pék diskusikeun!
1. Mana nu kaasup kana bubuka, eusi, jeung panutup biantara di
luhur? Tangtukeun atawa tandaan paragrafna. Upamana:
a. Bubuka
Paragaraf ka ….
Paragaraf ka ….
Jst.
b. Eusi
Paragaraf ka ….
Paragaraf ka ….
Paragaraf ka ….
jst.
c. Panutup
Paragaraf ka ….
Jst.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar