BIANTARA=PIDATO
Biantara
nya éta nyarita hareupeun jalma loba pikeun maksud jeung tujuan nu tangtu.
Nyarita dina biantara henteu bisa sagawayah,tapi kudu bisa nepi kana tujuan éta
biantara.
Pikeun nepi kana tujuan,diperlukeun cara-cara atawa-teknik nyarita nu
hadé ka balaréa. Dian ieu hal urang wanoh ka nu disebut rétorika. Rétorika nya
éta seni ngolah caritaan sangkan batur kataji atawa kapangaruhan ku caritaan
urang.
TUJUAN BIANTARA RUPA-RUPA DIANTARANA:
1. Mangaruhan batur sangkan
nurut kana kahayang nu pidato
2. Méré informasi atawa warta
3. Ngahibur
RUPA-RUPA BIANTARA DUMASAR KANA SIPATNA:
-
Pidato pembukaan,(Bubuka) sipatna muka hiji acara ku panata acara (MC)
-
Pidato pengarahan, (Pituduh hiji hal/kagiatan)sipatna ngarahkeun atawa méré pituduh pikeun
lumangsungna hiji acara
-
Pidato sambutan, (Pangbagéa) sipatna ringkes pikeun nyambut biasana ku panata
calagara,pamingpin, gegedén, inohong
-
Pidato peresmian, (ngaresmikeun) sipatna ngaresmikeun hiji acara ku jalma nu boga pangaruh
atawa pamingpin, gegedén, inohong
-
Pidato pengtanggungjawaban, sipatna laporan kana hiji pancén/tugas
JENIS PIDATO DUMASAR KANA TATAHAR (PERSIAPAN) NU DILAKUKEUN
SAMÉMÉHNA/METODE PIDATO:
1. Improptu: dilakukeun ngadadak, tampa
tatahar/persiapan
2. Manuskrip: ngagunakeun
naskah
3. Memoriter: ngagunakeun
naskah terus diapalkeun tug nepi ka katalar.
4. Ekstemporan:
ngagunakeun poko-poko bahasan (garis besar) eusi pidato
Hal-hal nukudu
dipikanyaho atawa ditataharkeun/persiapan saméméh biantara nya éta:
1. Mikanyaho tingkat pangaweruh(pengetahuan)
nu ngaregepkeun, sangkan kaharti tur diperhatikeun ku nu ngaregepkeun
2. Mikanyaho waktu nu disadiakeun, sangkan bisa ngagunakeun waktu anu sacukupna ‘éféktif’
3. Nyiapkeun kekecapan nu bisa kaharti jeung mincut/mikat, bisa
ngagunakeun mamanis basa(babasan paribasa,
sisindiran, purwakanti(persamaan bunyi),
kalimah-kalimah Al-qur’an, hadis jsb,.)
4. Mikanyaho téma acara jeung jenis pidato, eusi pidato nu ditepikeun kudu nyambung jeung téma acarana, jeung téhnik
nu dipakéna sabisa-bisa sakumaha nu dipiharep ku panitia, pangajén, pamiarsa
(teu ngérakeun)
RANGKAY/SKÉMA PIDATO:
-
Bubuka: salam pembuka, muji syukur-Solawat, ngagero (menyapa) nu nongton
“Assalamu’alaikum wr, wb. “
“Sampurasun, wilujeng....” (enjing, siang, sonten,
wengi)
“Puji sukur hayu urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha
Suci”
“Puja minangka bubuka carita hayu urang sanggakeun
ka Allo Nu Maha Kawasa”
“Sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gopur,” jsb.
“solawat sinareng salam
mugia salamina ngocor ngagolontor ka jungjunan alam, nabi anu mulya ….nyatana Kangjeng
Nabi Muhammad Saw.”
“Solawat
sinareng salam mugia dilungsurkeun ka Nabi Muhammad, Saw. Ka para sohabatna,
para kulawargana, tabiin-tabiat katut urang sadayana mugia kenging sapaatuh
uzma di yaumul kiamah.”
“Anu dipihormat pangersa bapa.../Ibu... kalih
réngréngan”
“Kersana Bapa...Ibu...hormateun simkuring”
“Kersana Bapa...Ibu...hormateun simkuring”
“Teu hilap kanggo réréncang, adi/lanceuk, tamu
uleman,” jsb.
-
Eusi; medar jeung mekarkeun permasalahan atawa téma
“hadirin hormateun simkuring, dina ieu waktos sim
kuring badé ngaguar perkawis…”
“Hadirin anu mulya, widian sim kuring kanggo
cumarios perkawis …”
-
Panutup: kacindekan,harepan, amanat, salam penutup.
“Mung sakitu anu tiasa kapihatur, bilih aya basa anu
kirang merenah, pondok nyogok panjang nyugak, langkung saur bahé carék, bobo
sapanon carang sapakan, tutus langkung képang halang, kirang dingding kelir,
mugia ageung cukup lumur, jembar hampura nu diteda,
saninten buah saninten
saninten di parapatan
hapunten abdi hapunten
bilih aya kalepatan.....jsb.”
“Wassalamu’alaikum…
NGOMÉNTARAN NU BIANTARA
Biantara nu dianggap hadé
téh diantarana, sorana kudu kadéngé ku anu ngaregepkeun. Hartina kudu bedas,
jeung nuyun/ngagiring daék ngaregepkeun. Lentong (luhur handap-panjang
pendékna sora) kudu merenah/pas, Sikep awak nandakeun sopan jeung
luwes(lentur teu kaku), Pasemon/mimik éksprési beungeut anu
némbongkeun kadariaan/serius hayang nepikeun maksud, Dangdanan papakéan anu
digunakeun kudu sopan malah bisa némbongkeun téma biantara/acara
HAL NU DIPERHATIKEUN, DIAJEN/DITILEY DINA BIANTARA:
Basa (tatakrama basa, basa ilmiah),
Lentong(wirahma nyarita, struktur
kalimah(tata kalimah, rasional, ngaguluyur/tersusun),
Kamampuh Ngawasa Eusi (wawasan
ngeunaan materi/téma, tutas/tuntas, lengkep, kaharti, gembleng/lengkap, jsb),
sikep awak jeung réngkak/getur (luwes teu
kaku, teu kaleuleuwihi)
dangdanan(rapih, sopan, luyu jeung téma)
Sasaran
|
Aspék
|
Kritéria
|
Basa
|
a. Lapal
|
Écés
|
b. Intonasi (lentong)
(tekenan, jéda, wirahma)
|
Ngoncrang
|
|
c. Adegan basa
|
Baku
|
|
d. Pilihan kecap
|
Keuna
|
|
Eusi
|
a. Patalina eusi jeung jejer/judul/téma
|
Luyu
|
b. Ngamekarkeun eusi
|
Lengkap
|
|
c. Pamahaman kana eusi
|
Paham
|
|
Tékhik/gaya
|
a. Cara nyarita
|
Hadé
|
b. Pepeta
|
Merenah
|
|
c. Tangtungan(rengkuh)
|
Sopan
|
Pancén = dangukeun hiji
biantara(khutbah, ceramah, atawa pidato resmi acara) nu maké basa Sunda
(ditulis)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar