Sabtu, 30 Agustus 2014

Conto-conto Biografi

Biografi Déwi Sartika
Pangajaran Basa Sunda: Riwayat Pahlawan (Pangajaran 1)
Tingkat: Kelas 8 SMP Semestér 1
Matéri: Maca Riwayat Pahlawan
Nu Nyusun: Drs. Hadi AKS (tina Buku Purna Basa)
Dina pangajaran munggaran ayeuna, urang rék maca riwayat pahlawan Radén Déwi Sartika. Naon sababna Bu Déwi hayang ngangkat martabat kaom wanita Sunda?Ieu di handap aya riwayat pahlawan Radén Déwi Sartika. Pék baca bagilir ku hidep. Macana digalantangkeun ngarah hidep bari diajar maca basa Sunda. Bandungan ku nu séjén masing saregep!

Radén Déwi Sartika
Ngaran Dewi Sartika téh keur urang Sunda mah geus teu bireuk deui. Anjeunna salah saurang pahlawan pendidikan pituin urang Sunda. Dina kaayaan anu walurat jaman penjajahan Walanda, Ibu Déwi tigin ngadidik kaom istri Sunda anu harita harayang maju.
Ibu Déwi dibabarkeun di Bandung, tanggal 22 Désémber 1884. Ramana Radén Rangga Somanagara, Patih Bandung harita. Ari ibuna Radén Ajeng Rajaper-mas, putra istri Bupati Bandung anu kakoncara Dalem Bintang.
Pa Somanagara kaasup ménak anu maju pikiranana. Ibu Déwi disakola-keun ka sakola Kelas Hiji. Hanjakal henteu lila, kudu eureun di kelas 2B. Pangna kitu lantaran harita ramana Pa Somanagara sareng ibuna Bu Rajapermas dihukum buang ka Ternaté. Anjeunna dianggap nanduk ka Pamaréntah Walanda. Bu Déwi dipihapékeun ka uana Radén Demang Suria Kartahadiningrat anu katelah Aria Patih Cicaléngka.
Dina kaayan kitu Bu Déwi tetep sabar bari migawé pancén sapopoé. Diajar rupa-rupa kaparigelan jeung kabinangkitan awéwé, kayaning masak, nyulam, nga-bordél, jsb. Anléhna kana ngaguruan geus katémbong ti bubudak. Bu Déwi sok sasakolaan di tukangeun imahna. Sabakna ku kenténg. Ari geripna ku areng atawa apu. Batur-baturna sina dialajar maca, nulis jeung ngitung.
Bu Déwi sok dibelekesekkeun kana gawé ku uana, darajatna dianggap handap lantaran anak jalma buangan. Sanajan kitu, Bu Déwi henteu kurung batok. Anjeunna sok nganteur kapilanceukna kursus basa Walanda, maca jeung nulis ka hiji Nyonya Walanda. Lantaran karepna gedé hayang diajar bari uteukna éncér, Bu Déwi bisa nangkep naon-naon nu diajarkeun ti satukangeun panto. Ieu téh jadi modal anu pohara pentingna pikeun kahirupan Bu Déwi dina mangsa nu bakal datang.
Nu kasaksén ku Bu Déwi harita, kaom wanita wuwuh ngeuyeumbeu, ulu-kutek di dapur, bodo, sarta darajatna sahandapeun kaom lalaki. Ieu pikiran téh nga-hudang kasadaran Bu Déwi pikeun ngamajukeun kaom wanita. Taya deui jalanna iwal ti kudu ngaliwatan pendidikan. Hartina kudu aya sakola anu husus pikeun kaom wanita, sangkan satata jeung kaom lalaki.
Bu Déwi pindah ti Cicaléngka sarta ngadeuheus ka uana nu séjén nu jadi Bupati Bandung, nyaéta R.A.A. Martanaga. Bu Déwi nepikeun pamaksudanana hayang ngadegkeun sakola pikeun kaom wanita. Paméntana ditedunan. Bu Déwi ngadegkeun sakola anu tempatna di pendopo kabupatén sarta dingaranan Sakola Istri. Ieu téh minangka sakola munggaran di Indonésia pikeun kaom istri. Beuki lila muridna beuki nambahan. Ngaran sakolana tuluy diganti jadi Sakola Kautamaan Istri.
Kitu riwayat singget perjoangan Bu Déwi dina widang pendidikan. An-jeunna pupus di Cinéam Tasikmalaya, ping 11 Séptémber 1947 nalika nuju ngungsi lantaran aya agrési militér Walanda ka-1. Lantaran jasana, tepi ka ayeuna jenengan Radén Déwi Sartika terus seungit ngadalingding. Méh di unggal kota di Jawa Barat jenenganana diabadikeun jadi ngaran jalan-jalan utama. Ari di kota hidep aya ngaran Jalan Déwi Sartika? Cing tuduhkeun di lebah mana?

Diropéa tina buku Biografi Pahlawan Asal Jawa Barat/Budi Rahayu Tamsyah
Jawab ieu pananya!
  1. Saha Radén Déwi Sartika téh?
  2. Naon sababna pangna Bu Déwi dibelekesekkeun kana gawe ku uana?
  3. Naon baé kabinangkitan Bu Déwi téh?
  4. Pagawéan naon anu gedé mangpaatna keur kahirupan Bu Déwi dina mangsa nu bakal datang?
  5. Kumaha kaayaan kaom wanita anu kasaksén ku Bu Déwi harita?
  6. Naon sababna Bu Déwi hayang ngamajukeun kaom wanita?
  7. Kumaha ketak Bu Déwi sanggeus boga cita-cita hayang ngadegkeun sakola?
  8. Naon ngaranna sakola anu diadegkeun ku Déwi téh?
  9. Naon sababna ngaran Radén Déwi Sartika seungit tepi ka ayeuna?
  10. Salian ti Radén Déwi Sartika, saha deui pahlawan ti Tatar Sunda nu hidep apal?
Harti sawata kecap
  • anléh, bakat -bakat
  • dibabarkeun, dilahirkeun - dilahirkan
  • dibelekesekkeun, digawékeun terus-terusan - dipekerjakan/dipakai terus menerus
  • ditedunan, dikabulkeun - dikabulkan
  • gerip, paranti nulis dina sabak (pulpén lamun ayeuna mah) dijieunna tina bahan sabangsa kapur
  • kabinangkitan, kabisa, kamonésan -keahlian
  • kakoncara, kamashur, terkenal
  • kaparigelan, keterampilan
  • karepna, kahayangna
  • kasaksén, kasaksian, katénjo
  • mangsa, waktu
  • munggaran, mimiti
  • nalika, basa, keur, ketika
  • nanduk, ngalawan
  • ngadegkeun, ngawangun, mendirikan
  • ngadeuheus, nepungan, menghadap
  • ngeuyeumbeu, henteu maju, statis
  • ngungsi, pindah ka tempat séjén lantaran nyingkahan bahaya
  • pancén, tugas
  • pituin, asli
  • sabak, paranti nulis jaman baheula, dijieunna tina batu (buku lamun ayeuna mah)
  • satata, satahap, sadarajat
  • singget, ringkes, singkat
  • teu bireuk, teu anéh, tak asing
  • tigin, teteg haté,
  • ulukutek, tara ka mana-mana
  • uteukna, otakna
  • walurat, darurat



Otto Iskandar Dinata

      Hidep tangtu geus pada nyaho, saha ari bapa Otto Iskandar Dinata teh? Anjeuna teh salasaurang pahlawan nasional anu gede jasana pikeun bangsa jeung nagara Indonesia. Pa Otto meunang jujuluk “Si jalak harupat”, lantaran gede kawanina.

      Otto Iskandar Dinata teh pituin urang bandung. Anjeuna dibabarkeun di Bandung tanggal 31 Maret 1897. Ti keur budak keneh oge geus katembong bakat jeung kamampuhna anu onjoy batan budak anu lain. Anjeuna
boga cita-cita haying jadi guru. Satuntasn sakola di HIS Bandung, pa Otto neruskeun sakola ka HKS (Sakola Guru Atas) di Purworejo. Ku sabab keyeng jeung suhud dina diajar, ahirna cita-cita laksana. Anjeuna dipindahkeun ka bandung. Ti keur sakola di HKS keneh.
      Pa Otto geus kataji ku kaom pergerakan. Anjeuna tuluy asup organisasi Budi Utomo. Ti saprak matuh di  bandung anjeuna oge jadi anggota paguyuban pasundan. Ti harita pa Otto mimiti dipikawanoh ku masyarakat Indonesia. Dina taun 1929, pa Otto kapilih jadi pangurus besar paguyuban pasundan. Dina jaman kapangurusan anjeuna, eta organisasi teh maju pisan, babakuna dina widang pulitik,ekonomi, pasuratkabaran, jeung atika nyusun UUD 1945 jeung pancasila, tuluy dina cabinet munggarang anjeuna dijungjung lungguh jadi Menteri Negara. Dina jaman kamerdekaan, pa Otto kaasup anggota PPKI anu ngabogaan pancen ngaronjatkeun kahirupan rahayatna.


     Hanjakal dina bulan Oktober 1945, pa Otto aya nu nyulik sarta dipergasa tepi ka tilar dunya. Anjeuna wafat di Banten kaping 20 Desember 1945, dipindahkeun ka bandung taun 1947.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar