Senin, 09 Maret 2015

Ngaregepkeun Siaran Radio/TV2

Conto Siaran dina Radio
Assalamualaikkum warohmtullohi wabarokatuh, pamirsa!
Tepang deui sareng Antika Widya Sundari atawa teh tika dina acara obral obrol kawula muda anu disiarkeun dina Radio DSK gelombang 108,2 FM di karawang . sarta nu biasa midang unggal malam Minggu atawa sabtu malam ti tabuh 19.00 wengi dugi ka tabuh 21.00. 

Sapertos biasa dina malam Minggu ieu sadaya pamirsa tiasa curhat sareng nyuhunkeun tembang-tembang Pop Sunda. Kanggo pamirsa anu bade curhat sareng nyuhunkeun tembang-tembang Pop Sunda tiasa nga-sms ka nomor 081323471103 tong hilap pake hastagna #ObralObrolDSK
Nya sok diantosan bae ku Teh Tika, sms na di 081323471103
Bilih pamirsa bade request lagu teu kantos nganggo curhat oge tiasa wae ditampi didieu sinareng ngucapkeun salam-salam kanggo kaluarga di bumi
Nya, tos aya sms ti nomor 085223... sekian sekian. Saurna, wengi Th Tika anu bageur. Ieu Meida di Baregbeg bade request lagu Kabogoh jauh. Lagu eta teh dikintun kanggo semplakan hate abi anu aya di ciamis , pesena gera ka karawang , Nuhun th sateuacanna. Tong hilap laguna di puternya teh .#ObralObrolDSK
Aduh anu nuju rindu , didoakeun ku teteh semplakan hate na geura ka karawang . Nya sok engke ku teteh diputerkeun.
Eh aya sms deui Ti 081328.... sekian-sekian. Wengi Th Tika , abi Nia di telagasari bade curhat Nia nuju resep ka hiji pameget namina AB. Awalna mah nia biasa wae ka AB teh, tapi lami-lami perasaan nia janten beda. Nia jadi resep ka AB. Hoyong pisan nia teh ngungkapkeun eusi hate nia ka AB tapi da nia teh isin. Maenya nia anu ngamimitian? Terus nia sieun pisan teu ditarima ku AB. nia kudu kumaha, teh? Apa nia kedah nyimpen perasaan nia terus na jero hate nyampe rarasaan ieu leungit jeung sorangannana? Bantuan nia, th! #ObralObrolDSK

nia, cinta na jero hatenya? Ehmm, Ayeuna seueur kaum istri anu resep kahiji lalaki tapi sieun ngomong resepna sami teteh oge. Tapi Sabenernamah asalkeun nia gaduh cara kanggo ngomongna, sadaya persoalan ieu teh janten gampil nia, lamun nia niat ngungkapkeun rasa resep nia ke AB, piceun sing tebih rarasaan sieun ditolak sagala ku si AB. Da engkena jadi matak boga rarasan pesimis ka nia-na. Anu jelas mah, nia kedah ngomong yen rarasaan nia ka AB teh kumaha
Yeuh, nia. Rarasaan resep lamun lami pisan disimpenna bisa nyeri hate Matakna eta teh kudu dicarioskeun yen rarasaan nia ka AB teh kumaha, ambih engke BD teu panasaran sareng balesan hate ti AB kanggo nia. Tarima teu ditarima mah urusan engke. Ulah era! Mikirna kieu wae, lamun nia ditarima... teteh didieu milu senang. Tapi lamun misalna nia teu ditarima, nia ulah leutik hate. Mereun AB teh lain orang anu paling pas kanggo ngadampingi nia , Sing sumangetnya

Pamirsa satia Radio DSK sadaya, tina acara ieu urang teh tiasa nyandak hikmahna yen terus ulah sieun ngungkapkeun rasa resep ka orang anu diresep. Wani wae, bade ditarima syukur teu ditarima syukur. Rasa teh kurnia ti Allah jadi enging diulin-ulinkeun sareng disimpen-simpen na hate. Fitrah cinta teh pasti dialaman ku sadaya makhluk Allah!”
Pamirsa sadaya, teu karaos waktos parantos muruluk langkung. Kukituna, tambi lumayan, Th Tika bade pamitan. Sateuacanna, teteh didieu bade muterkeun lagu Kabogoh jauh kanggo pamirsa sadaya di bumi. Wilujeung tepang deui dina waktos sejen. Wilujeung kantun para pamirsa! Akhiru kalam, wassalamualaikkum warohmatullahi wabarokatuh.” 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar