PANGAJARAN DONGÉNG
A.
Sajarah
Kamekaran jeung Sumebarna Dongéng
Gelarna satra lisan di tatar
Sunda kira-kira dina jaman buhun anu dicirian ku ayana pangaruh Hindu. Dina ieu
jaman, sastra anu aya, teu kapanggih ngaran pangarangna (anonim). Teu kawas
pantun, carita-carita
mithologia, pabél-pabél, jangjawokan, asihan,
jampé-jampé, kawih, jsté. Tétéla pisan satra lisan leuwih ti heula ayana
tibatan sastra tulis. Sastra tulis aya sanggeus urang Sunda wawuh kana tradisi
tulis. Ku sabab téknologi ayeuna beuki maju, loba dongéng anu dimuat dina
majalah jeung surat kabar.
B.
Wangenan Dongéng Dongéng nyaéta carita anu teu asup akal jeung teu kajadian.
Dongéng biasana sok nyaritakeun kajadian - kajadian jaman baheula. Numutkeun
kamus, dongéng téh babad meunang ngaréka, babad karangan anu henteu kajadian
saenyana. Dongéng mangrupa carita rékaan anu méré kesan pamohalan tur ukuranana
parondok (Budi Rahayu Tamsah). Dongéng téh mimiti gelarna mangrupa wangun
lisan, nu nyebar ti hiji jalma ka jalma lianna, tur teu kapanggih saha nu
ngarangna atawa anonim. Lantaran nyebar dina wangun lisan, téks dongéng babari
robah atawa leungit. Dongéng mangrupa salah sahiji golongan carita dina
wangun prosa. Nilik kana wandana jeung patempatana, dongéng biasana sok
ngambarkeun kaayaan baheula. Tokoh-tokoh dina dongéng henteu manusa
wungkul, tapi ogé sasatoan, buta, atawa mahluk séjénna. Bisa oge nyaritakeun
tempat.
C.
Unsur-unsur Dongéng 1. Téma,
nyaéta ide, maksud atawa tujuan anu hayang dihontal ku pangarang dina hiji
carita dongéng, anu baris kapanggih ku pamaca atawa pangreungeu sabada maca
atawa ngadéngékeun dongéng. 2.
Galur (plot) osok disebut ogé jalan carita atawa runtuyan carita, kajadian anu
sambung-sinambung pikeun ngawangun jadi hiji lanjeureun carita. Galur
dihartikeun runtuyan jeung patalina kajadian anu dicaritakeun ku pangarang ti
mimti nepi ka pungkasan jalan carita. Galur bisa dibagi jadi tilu rupa nya éta
galur merélé, galur mabok tengah, jeung galur campuran.
3. Tokoh carita atawa palaku nyaéta
jalma atawa pihak anu ngalalakon dina hiji carita.
4. Latar (setting), nyaéta
waktu jeung tempat kajadian hiji carita dongéng.
5. Amanat, nyaéta pesen
pangarang nu hayang ditepikeun ka pamaca. Umumna amanat dina dongéng mah tara
nembrak, tapi karasa sanggeus réngsé maca atawa ngadéngékeun hiji carita nu
sagemblengna.
D.
Ciri-ciri Dongéng 1. Caritana
pondok, lanjeuran carita dina dongéng biasana basajan jeung pondok. Ari
nu jadi alesanana nyaéta carita dongéng osok didongéngkeun ka barudak, nu
tangtuna waé kamampuh nangkep basa jeung caritana kawatesanan.
2. Aya bagian anu pamohalan.
3. Asup kana wangun lancaran
jeung ugeran. 4. Anonim atawa
teu kapaluruh saha nu ngarangna.
5. Mibanda fungsi jeung
kagungan salaku alat pikeun atikan, hiburan, protés sosial, atawa kahayang nu
di sidem. Sanajan dongéng ditepikeuna sacara malibir tapi miboga atikan anu
utama ngeunaan kaluhungan budi jeung pieunteungeun. 6.
Sipatna pralogis, nya éta mibanda logika anu béda
jeung logika umum. 7. Sipatna
tradisional, nya éta sumebarna turun-tumurun.
8. Pola ngadongéng sok angger.
E.
Pungsi Dongéng Kalungguhan dongéng kacida pentingna pikeun masarakat anu masih
kénéh nyekel pageuh tradisi. Dongéng henteu bisa di pisahkeun tina upacara
ritual manusa nurutkeun kapercayaan. Pungsi dongéng ti jaman ka jaman robah.
Dina jaman masarakat buhun, dongéng téh henteu bisa dipisahkeun tina asal-usul
upacara-upacara ritual manusa nu nurutkeun kana kapercayaan. Dongéng sok
dihartikeun alat pikeun ngabobodo budak céngéng. Tapi mun seug dipaluruh leuwih
jero, kalungguhan dongéng téh lain wates keur ngabobodo budak céngéng hungkul,
tapi ngabogaan tujuan séjén lamun nu ditétélakeun ieu di handap:
1.
Ngarah anak incu urang nyaho kana turunan.
2.
Ngarah anak incu urang nyaho kana pancakaki.
3.
Ngarah anak incu urang nyaho kana asal muasalna tempat.
4.
Ngarah anak incu urang nyaho kaayaan lemburna boh kaayaan alamna boh kaayaan
tali parantina. 5.
Ngarah anak incu urang manggih luang tina pangawéan karuhun pikeun bekel
hirupna.
6.
Ngarah pagawéan beurat karasa leuwih hampang. Dumasar kana hasil panalungtikan
anu dilakukeun ku Bambang Sudarmoyo dina taun 1975, yén dongéng mampuh ngaronjatkeun
Intelegence Question (I.Q) budak. Budak kakeunaan ku Virus Ach (need for
Achievement) nyaéta virus nu ngamotipasi budak sangkan miboga cara mikir jeung
paripolah anu leuwih épisién pikeun ngahontal hasil nu leuwih alus ti saméméhna
tur salawasna bisa ngahontal préstasi kalayan optimal. Panalungtikan séjén nu
ngébréhkeun yén dongéng bisa méré kani'matan, kasugemaan batin jeung
ngaronjatkeun kacerdasan pikeun nu macana. Éta hal dibuktikeun ku panalungtikan
di Amérika, anu nétélakeun yén barudak turunan Asia di Amérika leuwih cerdas
tibatan barudak turunan urang Amérika, sabab warga Asia nu cicing di Amérika
teu ninggalkeun tradisi karuhunna, utamana macakeun dongéng-dongéng ngeunaan
karuhun ka budakna.
F.
Papasingan
Dongéng
1. Dongéng Sasatoan (Fabél)
Dongéng Fabél nyaéta dongéng
atawa carita rékaan anu eusina ngajarkeun moral atawa atikan budi, ku kituna
carita téh ngagambarkeun pasipatan, waték, jeung budi manusa, tapi diperankeun
ku sato. Ilaharna dongéng sato (Fabél) nyaritakeun sasatoan anu paripolahna
kawas manusa, upama baé bisaeun nyarita ogé ngagunakeun akal jeung
pikiran. Dongéng sato biasana watek palakuna geus dipola. Contona
carita Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet. Dongeng Sakadang Kuya jeung
Sakadang Monyet téh mangrupa dongéng sasatoan asli ti Sunda. Bénteun jeung
dongéng anu palakuna sato séjén. Contona dongéng Sakadang Peucang, hirupna dina
sastra téh mangrupa pangaruh ti sastra Jawa.
2.
Dongéng Babad (sage)
Dongéng Sagé nyaéta carita
ngeunaan kapahlawanan, nu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur
sajarah. Sagé mangrupa carita peperangan di jaman baheula, umumna nyaritakeun
tokoh nu légendaris sarta panjang tur eusina kapahlawanan, jalma sohor, atawa
lalampahan nu pikaseurieun. Contona Prabu Siliwangi, Dipati Ukur, Séh Abdul
Muhyi,jrrd.
3.
Dongéng Kahirupan Jalma Biasa (Parabél)
Dongéng Parabél nyaéta dongéng
anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu dianggap mahiwal ti batur.
Caritana loba pikaseurieun tapi ngandung hiji atikan. Conto anu pangsohorna
dina sastra Sunda nya éta dongéng-dongéng Si Kabayan. Lian ti éta, aya ogé
dongéng saduran tina sastra deungeun, upamana dongéng Abu Nawas, Nasarudin, Si
Congcorang,jjrd.
4.
Dongéng Mite Dongéng mité nya éta dongéng anu nyaritakeun lalampahan hiji jalma
anu dianggap karamat ku masarakat. Umumna dongéng mite téh raket patalina
jeung kepercayaan masarakat kana alam gaib. Carita dina mite umumna
ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, jeung ayana nu maot. Aya ogé mite
anu nyaritakeun ciri khas sasatoan, wangun topografi, jeung tanda-tanda alam.
saperti sangu, jagong,jsté. Contona : Dongeng Dewi Sri, Dongéng Nyi Roro Kidul,
Dongéng Munjung, Dongéng Maung Kajajadén, jeung Dongéng Ngipri.
5.
Dongéng Pieunteungan Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa
tauladan pikeun kahirupan manusa. Bisa dongéng jalma biasa atawa sasatoan.
Contona Cikaracak Ninggang Batu Laun-laun jadi Legok.
6.
Dongéng Pamuk Dongéng pamuk nya éta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa
kasaktén hiji jalma tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian
sajarah. Conto carita pamuk di wewengkon Sunda bisa ditingali dina carita
''Prabu Siliwangi'', Prabu Siliwangi nya éta tokoh anu kaitung sakral di daérah
Jawa Barat. Sakumaha nu dipikawanoh, Prabu Siliwangi téh nya éta hiji raja nu
pernah maréntah wewengkon Pasundan.
7.
Dongéng Légénda Dongéng légénda nyaéta dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji
tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Dongéng sasakala mangrupa golongan
carita anu geus turun tumurun, anu geus jadi milik sagolongan masarakat. Palaku
utama dina legenda jalma biasa. Papasingan Legenda :
1. Legenda Agama nyaéta legenda
jalma-jalam suci saperti para wali agama islam. Legenda nu geus dikumpulkeun
diantarana:Syéh Siti Jenar di Muka Pengdilan Agama, Sunan Geseng, Syéh Abdul
Muhyi, Ki Pandan Arang dari Tembayat, jste.
2. Legenda Alam gaib nya éta
carita-carita pangalaman pribadi hiji jalma ngeunan mhluk-mahluk nu gaib.
3. Legenda tokah jalma nya éta carita
ngeunaan tokoh-tokoh jalma nu dianggap kungsi aya kajadianana.
4. Legenda tempat atawa legenda
wewengkon nya éta carita anu aya patalina jeung hiji tempat, ngaran wewengkon
sarta wangun topografi, upamana ayana gunung, pasir-pasir, jurang, jsb. Contona
nyaeta saperti Sasakala Situ Bagendit, Sasakala Situ Patenggang, Sasakala
Maribaya.
G.
Metode Pangajaran Dongéng
1.
Tekhnik-tekhnik Ngadongéng a. Maca langsung
tina buku Tekhnik ieu anu paling éféktif lamun guru ngabogaan buku dongéng anu
pikareseupeun nu cocok di bacakeun ka murid. Cirining yén dongéng bisa dipahami
ku barudak nyaéta pesen nu didugikeun bisa diserep tur paham yén kalakuan dina
dongéng téh bener atawa salah. b. Ngadongéng
ngagunakeun ilustrasi tina gambar Teknhik ieu éféktif lamun dongéng anu
didugikeun dibarengan ku ilustrasi gambar tina buku anu pikaresepeun budak.
Nyaritakeun dongéng maké ilustrasi gambar téh, maksudna pikeun ngajelaskeun
pesen-pesen anu aya dina caritaan. c.
Nyaritakeun dongéng sacara langsung Tekhnik ieu éféktif digunakeun lamun guru
nyadiakeun dongéng anu bisa narik karesep siswa. Teknik ieu mangrupakeun teknik
anu paling simpel, sabab teu mikabutuh kana média anu séjénna.
d. Ngadogéng ngagunakeun papan flannel Cara
ngajieun papan flannel nyaéta ku cara ngalapisan papan ku kaén flannel nu
warnana netral, terus gambar tokoh-tokoh anu ngawakilan watak dina dongéng éta
digunting polana dina kertas, terus ditémpelkeun dina papan éta.
e. Ngadongéng ngagunakeun bonéka Biasana
métode ieu mah disesuaikeun jeung umur sarta pangalaman barudak, biasana
barudak bakal resep pisan lamun dongéng dibacakeun bari make bonéka.
f. Dramatisasi dongéng Dina métode ieu
dongéng didugikeun ku cara maénkeun peran anu aya dina éta dongeéng. Jadi
barudak diajak pikeun meragakeun caritaan éta dongéng sakumahana drama.
2. Nyaritakeun dongéng sacara langsung Aya
sababaraha léngkah pikeun nyaritakeun dongéng sacara langsung, nyaéta :
a. Pilih bacaan anu alus kalayan ahir carita
anu bagja. Leuwih alus pahami heula leuwih tiheula eusi carita saméméh
dibacakeun ka barudak. b. Ajak barudak sawala
ngeunaan peunteun moral tina carita. c.
Pilih carita anu sarua jeung kabiasaan goreng barudak. Melalui dongéng
dipiharep barudak bisa ngarobah kabiasaan éta. d.
Saacan ngawitan nyarita, biasakeun ngawanohkeun heula judul buku, jeung
ilustrasina supaya barudak téh nyaho yén satiap buku téh aya judulan jeung nu
nyieun ilustrasi. e. Atur intonasi jeung
éksprési, sanajan ngan saukur maca, tapi kudu tetep metot minat anak kana
caritaan anu dibacakeun.
Copy and WIN : http://bit.ly/copynwin
Copy and WIN : http://bit.ly/copynwin
elmu iwu teh, he
BalasHapusBasa sunda Semester 2
BalasHapus